Sumber: Wikipédia, énsiklopédia bébas basa Sunda ![]() Sajarah Dina kasenian Sunda, nu migunakeun alat musik tina awi di antarana angklung jeung calung. Anapon awi nu sok dipaké nyieun ieu alat musik biasana tina awi wulung (awi nu kelirna hideung) jeung awi temen (kelir bodas). Sada nu kaluar tina angklung jeung calung asalna sarua, nyaéta tina solobong awi nu ngelentrung lamun ditabeuh (diadu). Angklung geus dipikawanoh ku masarakat Sunda ti jaman karajaan Sunda, di antarana pikeun ngagedurkeun sumanget dina pangperangan. Fungsi angklung pikeun ngahudang sumanget ieu jadi sabab dicaramna ieu kasenian ku pamaréntah jajahan Hindia Walanda. Kasenian angklung kiwari leuwih mekar deui, ku ayana unsur ibing luyu jeung kapentinganana, misalna dina upacara ngarak paré kana leuit (ngampih paré, nginebkeun) jeung dina mangsa mitembeyan melak paré (ngaseuk). Pon kitu deui dina mangsa panén jeung sérén taun, nu ilaharna aya acara arak-arakan nu kadang dibarengan ogé ku réngkong jeung dongdang. Rupa-rupa angklung Angklung Kanékés Di wewengkon Kanékés, angklung utamana dipaké patali jeung upacara-upacara tatanén, lalin keur hiburan. Angklung dipaké nalika melak paré di huma jeung ngubaran paré (tilu bulan sanggeus dipelak). Sanggeus dipaké, angklung disimpen dina upacara musungkeun angklung. Pikeun tujuan hiburan, angklung ilaharna dipidangkeun nalika caang bulan jeung teu hujan. Ieu hiburan téh digelar di buruan bari nembang, di antarana Lutung Kasarung, Yandu Bibi, Yandu Sala, Ceuk Arileu, Oray-orayan, Dengdang, Yari Gandang, Oyong-oyong Bangkong, Badan Kula, Kokoloyoran, Ayun-ayunan, Pileuleuyan, Gandrung Manggu, Rujak Gadung, Mulung Muncang, Giler, Ngaranggeong, Aceukna, Marengo, Salak Sadapur, Rangda Ngendong, Celementre, Keupat Reundang, Papacangan, dan Culadi Dengdang. Angklung Dogdog Lojor Kasenian dogdog lojor ayana di masarakat Kasepuhan Pancer Pangawinan atawa masarakat adat Banten Kidul nu sumebar di sabudeureun Gunung Halimun. Najan kasenian ieu ngaranna dogdog lojor, luyu jeung salasahiji alat musikna, ieu kasenian dilengkepan ogé ku angklung, sabab patali jeung upacara adat paré. Unggal geus panén, masarakat ngayakeun acara Sérén Taun di puseur kampung adat (imah kokolot) anu biasana pindah-pindah luyu jeung paréntah tina wangsit. Tradisi ngamulyakeun paré di ieu masarakat masih terus lumangsung, kusabab masarakatna masih pengkuh kana adat baheula. Dumasar pitutur turun-tumurun, ieu masarakat adat ngaku salaku turunan para prajurit karaton Pajajaran barisan Pangawinan (prajurit nu marawa tumbak). Najan kitu, masarakat kasepuhan ieu geus lila ngagem Islam sarta narima kana modérenisasi. Luyu jeung kamekaran ieu, dogdog lojor ogé kadang sok midang dina acara nyunatan, ngawinkeun, sarta karaméan lianna. Kasenian dogdog lojor dimaénkeun ku genep urang nu nyepeng alat musikna séwang-séwangan, nyaéta dua dogdog lojor jeung opat angklung gedé, nu masing-masing boga ngaran: gonggong, panémbal, kingking, jeung inclok (noron ti nu pangbadagna). Lagu-lagu dogdog lojor di antarana Balé Agung, Samping Hideung, Oléng-oléng Papangantén, Si Tunggul Kawung, Adulilang, jeung Adu-aduan. Upami di Sukabumi kasohorna Dogdog loyor pangrojong dina acara panen. Angklung Gubrag Angklung gubrag ayana di kampung Cipining, kecamatan Cigudeg, Bogor. Ieu angklung umurna geus kolot, dipaké dina upacara melak, ngunjal, jeung ngadiukkeun paré ka leuit. Dumasar carita turun-tumurun, ieu angklung téh mimiti aya dina hiji mangsa paceklik. Badéng Badéng téh mangruipakeun kasenian nu asalna ti Sanding, Malangbong, Garut. Bentuk kasenian angklung ieu dipaké pikeun kapentingan da'wah Islam, kira abad ka-16 atau 17. Harita, Arpaén jeung Nursaen (dua warga Sanding), diajar Islam ka Demak. Samulangna ti Demak, aranjeunna nyumebarkeun ajaran Islam ka masarakat Sanding hususna migunakeun kasenian badéng. Angklung nu dipaké dina pintonan badéng aya salapan: angklung roél dua, angklung kecer hiji, angklung indung jeung bapa opat, jeung dua angklung anak anu dibarengan ku dogdog dua, terebang atawa gembyung dua, jeung kecrék hiji. Rumpaka tembangna maké basa Sunda nu euyeub ku istilah basa Arab, nu kadieunakeun ogé ditambah ku basa Indonésia. Eusi rumpakana taya lian ti ajén -inajén Islam jeung pitutur. Pidangan ieu kasenian kadang ogé dibarengan ku debus nu mintonkeun élmu-élmu kawedukan. Buncis Buncis téh seni pintonan nu watekna hiburan, nu utamana kawentar di wewengkon Baros (Arjasari, Bandung). Sumber rujukan * Ganjar Kurnia. 2003. Deskripsi kesenian Jawa Barat. Dinas Kebudayaan & Pariwisata Jawa Barat, Bandung. Tumbu kaluar * (id) AWI (Angklung Web Institute) di Bandung, Indonesia |
Jumat, 25 Juni 2010
Angklung
Calung
Sumber: Wikipédia, énsiklopédia bébas basa Sunda ![]() Sajaba dihartikeun salaku pakakas musik, calung ogé jadi istilah sebutan pikeun seni pintonan. Aya dua wangun calung Sunda anu dipikawanoh, nyaéta calung rantay sarta calung jinjing. Kamekaran Jenis calung anu ayeuna mekar sarta dipikawanoh sacara umum nyaéta calung jinjing. Calung jinjing nyaéta jenis pakakas musik anu geus lila dipikawanoh ku urang Sunda, contona di wewengkon Sindang Heula - Brebes, Jawa tengah, sarta bisa jadi mangrupa kamekaran ti wangun calung rantay. Di Jawa Barat, wangun kasenian ieu dirintis popularitasnya nalika para mahasiswa Universitas Padjadjaran (UNPAD) anu kagabung dina Departemen Kesenian Déwan Mahasiswa (Lembaga kesenian UNPAD) mekarkeun wangun calung ieu ngaliwatan kreativitasnya dina taun 1961. Numutkeun salah saurang panaratasna, Ekik Barkah, yén dijieunna calung jinjing katut pintonanana kailhaman ku wangun kaulinan dina pintonan réog anu ngadumaniskeun unsur nakol, unggut sarta lagu dina hiji pintonan. Saterusna dina taun 1963 wangun kaulinan sarta tabuhan calung leuwih dimekarkeun deui ku parakanca ti Studiklub Teater Bandung (STB; Koswara Sumaamijaya dkk), sarta antara taun 1964 - 1965 calung leuwih dimasyarakatkeun deui ku parakanca di UNPAD minangka seni pintonan anu boga sipat hiburan sarta informasi (penyuluhan (Oman Suparman, Ia Ruchiyat, Eppi K., Enip Sukanda, Edi, Zahir, saparakanca), sarta grup calung SMAN 4 Bandung (Abdurohman dkk). Saterusna muncul grup-grup calung di Bandung, contona Layung Sari, Ria Buana, Glamor (1970) jrrd, nepi ka danget ayeuna, muncul ngaran-ngaran idola pamaén calung diantarana Tajudin, Nirwan, Odo, Uko Hendarto, Adang Cengos, jeung Hendarso. Kamekaran kasenian calung kacida onjoyna di Jawa Barat. Ieu hal téh ngabalukarkeun ditambahanana sawatara pakakas musik dina calung, contona kosrék, kacapi, piul (biola), komo kiwari mah aya anu dilengkepan keyboard jeung gitar. Unsur vokal pohara dominan dina calung, ku kituna réa muncul vokalis calung kawéntar, kawas Adang Céngos, sarta Hendarso. Sumber Rujukan * Ganjar Kurnia. 2003. Deskripsi kesenian Jawa Barat. Dinas Kebudayaan & Pariwisata Jawa Barat, Bandung. Nuvola apps juk.png Artikel ngeunaan musik ieu mangrupa taratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggo ngalengkepan. Disalin ti "http://su.wikipedia.org/wiki/Calung" |
Seni Tari Sunda Jaipongan
Seni Tari Sunda Jaipongan
Sumber:Wikipédia, énsiklopédia bébas basa Sunda.![]() Gerak-gerak bukaan, pencugan, nibakeun jeung sababaraha ragem gerak mincid tina sababaraha kasenian di luhur cukup miboga inspirasi keur ngamekarkeun tari atawa kasenian nu kiwari dipikawanoh minangka jaipongan. Kiwari jaipongan sering dipake keur hiburan dina acara kawinan jeung sunatan, utamana di daerah Subang jeung Karawang. Sajarah Samemeh wangun seni pertunjukan ieu mucunghul, aya sababaraha pangaruh nu ngasangtukangan wangun tari pergaulan ieu. Di Jawa Barat misalna, tari pergaulan mangrupakeun pangaruh tina Ball Room, nu biasana dina pintonan tari-tari pergaulan teu leupas tina ayana ronggéng jeung pamogoran. Ronggéng dina tari pergaulan henteu ukur fungsi keur kagiatan upacara, tapi keur hiburan atawa cara gaul. Ayana ronggeng dina seni pintonan mibanad daya tarik nu ngondang simpati kaum pamogoran. Misalna dina tari Ketuk Tilu nu kacida dipikawanohna ku masarakat Sunda, diperkirakeun kasenian ieu kasohor sakitar taun 1916. Minangka seni pintonan rahayat, kasenian ieu ukur dirojong ku unsur-unsur basajan, saperti waditra nu ngawengku rebab, kendang, dua siki kulanter, tilu siki ketuk, jeung goong. Pon nya kitu deui gerak-gerak tarina nu henteu mibanda pola gerak nu baku, kostum penari nu basajan minangka lambang karahayatan. Marengan mudarna jenis kasenian di luhur, urut pamogoran (panongton nu aktif aktif dina seni pintonan Ketuk Tilu/Dogér/Tayub) pindah perhatiannana kana seni pintonan Kiliningan, nu aya di daerah basisir kaler Jawa Barat (Karawang, Bekasi, Purwakarta, Indramayu, jeung Subang) katelah Kiliningan Bajidoran nu pola tarina jeung pintonannana mibanda sasaruaan jeung kasenian samemehna (Ketuk Tilu/Dogér/Tayub). Ayana tarian dina Topeng Banjet cukup dipikaresep, hususna di Karawang, nu sababaraha pola gerak bajidoran dicokot tina tarian dina Topeng Banjet ieu. Sacara koreografis tarian ieu masih mintonkeun pola-pola tradisi (Ketuk Tilu) nu ngandung unsur gerak-gerak bukaan, pencugan, nibakeun jeung sababaraha ragem gerak mincid nu jadi dasar ciptana tari Jaipongan. Sababaraha gerak-gerak dasar tari Jaipongan lian ti Ketuk Tilu, Ibing Bajidor sarta Topeng Banjet nyaeta Tayuban jeung Pencak Silat. Mucunghulna tarian karya Gugum Gumbira awalna disebut Ketuk Tilu kamekaran, nu memang sabab dasar tarian eta mangrupakeun kamekaran tina Ketuk Tilu. Karya munggaran Gugum Gumbira kacida kentelna keneh ku kelir ibing Ketuk Tilu, boh tina segi koreografi atawa iringannana, nu satuluyna tarian ieu jadi populer kalayan sebutan Jaipongan. Kamekaran Karya jaipongan munggaran nu dipikawanoh ku masarakat nyaeta tari "Daun Pulus Késér Bojong" jeung "Réndéng Bojong" nu duanana mangrupakeun jenis tari awewe jeung tari papasangan (lalaki jeung awewe). Tina tarian ieu mucunghul sababaraha ngaran penari jaipongan nu parigel saperti Tati Saleh, Yeti Mamat, Eli Somali, jeung Pepen Dedi Kurniadi. Awal mucunghulna ibing ieu kungsi jadi wangkongan, nu isu sentralna nyaeta gerakan nu erotis tur vulgar. Tapi ku ayana ekspos sababaraha media citak, ngaran Gugum Gumbira mulai dipikawanoh ku masarakat, komo deui sanggeus tari Jaipongan dina taun 1980 dipintonkeun dina TVRI stasion puseur Jakarta. Balukar tina kasohoran ieu nyaeta beuki ningkatna, boh di media televisi, hajatan atawa kariaan nu diayakeun ku swasta jeung pamarentah. Hadirna Jaipongan mikeun kontribusi anu cukup badag ka para seniman tari pikeun leuwih aktip deui ngadongkar jenis tarian rahayat anu saméméhna kurang perhatian. Tari Jaipongan dimangpaatkeun ku para seniman tari pikeun ngayakeun kursus-kursus tari Jaipongan, dimangpaatkeun ogé ku pangusaha pub-pub peuting pikeun metot sémah, di mana perkembangan kasempetan usaha sarupa kieu dijieun ku para seniman tari minangka usaha pemberdayaan ékonomi ngaliwatan ngaran Sanggar Tari atawa grup-grup di sawatara wewengkon di Jawa Kulon, contona di Subang jeung Jaipongan gaya "kaléran" (kalér). Ciri Jaipongan gaya kaléran, nyaéta marahmay, érotis, humoris, pinuh sumanget, spontan, sarta basajan (alami, naon ayana). Hal éta kaeunteung dina pola tari dina pintonanana, aya anu dibéré pola (Ibing Pola) kawas dina seni Jaipongan anu aya di Bandung, ogé aya ogé tarian anu henteu dipola (Ibing Saka), contona dina seni Jaipongan Subang sarta Karawang. Istilah ieu bisa dipanggihan dina Jaipongan gaya kaléran, utamana di wewengkon Subang. Dina pintonanana, Jaipongan gaya kaléran ieu nyaéta: 1) Tatalu; 2) Kembang Gadung; 3) Buah Kawung Gopar; 4) Tari Bubuka (Ibing Pola), biasana dipintonkeun ku penari tunggal atawa Sinden Tatandakan (saurang sinden tapi henteu bisa ngawih nanging ngalagu sinden/juru kawih); 5) Jeblokan sarta Jabanan, mangrupa bagian pintonan sabot para panongton (bajidor) sawér duit (jabanan) bari salam témpél. Istilah jeblokan diartikeun minangka pasangan anu tumetep antara sinden sarta panongton (bajidor). Perkembangan saterusna tari Jaipongan lumangsung dina taun 1980-1990-an, nalika Gugum Gumbira nyiptakeun tari séjénna kawas Toka-toka, Sétra Sari, Sonteng, Pencug, Kuntul Mangut, Iring-iring Daun Puring, Rawayan sarta tari Kawung Anten. Tina tarian-tarian kasebut mecenghul sawatara penari Jaipongan anu jago contona Iceu Effendi, Yumiati Teuneung, Miming Mintarsih, Nani, Erna, Mira Tejaningrum, Ine Dinar, Ega, Nuni, Cepy, Agah, Aa Suryabrata sarta Asep. Kiwari tari Jaipongan kaci disebut salah sahiji idéntitas kesenian Jawa Kulon, hal ieu kasampak dina sawatara acara-acara penting anu patali jeung sémah ti nagara deungeun anu datang ka Jawa Kulon, mangka dipapag ku pintonan tari Jaipongan. Kitu ogé nalika aya misi-misi kasenian ka manca nagara sok dilengkepan ku tari Jaipongan. Tari Jaipongan réa mangaruhan kasenian-kasenian balaréa séjén anu aya di Jawa Kulon, boh dina seni pintonan wayang, degung, genjring/terbangan, kacapi jaipong, sarta ampir kabéh pintonan rahayat boh dina musik dangdut modern anu dikolaborasikeun jeung Jaipong jadi kasenian Pong-dut. Jaipongan anu dimimitian ku Mr. Nur & Leni. Sumber rujukan * Wikipedia Basa Indonesia * Ganjar Kurnia. 2003. Deskripsi kesenian Jawa Barat. Dinas Kebudayaan & Pariwisata Jawa Barat, Bandung. |
Jadwal Piala Dunia 2010
JADWAL PERTANDINGAN SEPAK BOLA
PIALA DUNIA 2010 AFRIKA SELATAN
GROUP A
PERTANDINGAN | WAKTU | DISIARKAN DI | |||||
---|---|---|---|---|---|---|---|
![]() | Afrika Selatan | ![]() | ![]() | Meksiko | Jumat, 11-06-2010 21:00 | RCTI, GlobalTV | |
![]() | Uruguay | ![]() | ![]() | Perancis | Sabtu, 12-06-2010 01:30 | RCTI | |
![]() | Afrika Selatan | ![]() | ![]() | Uruguay | Kamis, 17-06-2010 01:30 | RCTI | |
![]() | Perancis | ![]() | ![]() | Meksiko | Kamis, 17-06-2010 01:30 | GlobalTV | |
![]() | Meksiko | ![]() | ![]() | Uruguay | Selasa, 22-06-2010 21:00 | RCTI, GlobalTV | |
![]() | Perancis | ![]() | ![]() | Afrika Selatan | Selasa, 22-06-2010 21:00 | RCTI, GlobalTV |
GROUP B
PERTANDINGAN | WAKTU | DISIARKAN DI | |||||
---|---|---|---|---|---|---|---|
![]() | Argentina | ![]() | ![]() | Nigeria | Sabtu, 12-06-2010 21:00 | RCTI | |
![]() | Korea Selatan | ![]() | ![]() | Yunani | Sabtu, 12-06-2010 18:30 | GlobalTV | |
![]() | Yunani | ![]() | ![]() | Nigeria | Kamis, 17-06-2010 21:00 | RCTI | |
![]() | Argentina | ![]() | ![]() | Korea Selatan | Kamis, 17-06-2010 18:30 | RCTI | |
![]() | Nigeria | ![]() | ![]() | Korea Selatan | Rabu, 23-06-2010 01:30 | RCTI, GlobalTV | |
![]() | Yunani | ![]() | ![]() | Argentina | Rabu, 23-06-2010 01:30 | RCTI, GlobalTV |
GROUP C
PERTANDINGAN | WAKTU | DISIARKAN DI | |||||
---|---|---|---|---|---|---|---|
![]() | Inggris | ![]() | ![]() | Amerika | Sabtu, 12-06-2010 01:30 | RCTI | |
![]() | Aljazair | ![]() | ![]() | Slovenia | Minggu, 13-06-2010 18:30 | GlobalTV | |
![]() | Amerika | ![]() | ![]() | Slovenia | Jumat, 18-06-2010 21:00 | RCTI | |
![]() | Inggris | ![]() | ![]() | Aljazair | Sabtu, 19-06-2010 01:30 | RCTI | |
![]() | Slovenia | ![]() | ![]() | Inggris | Rabu, 23-06-2010 21:00 | RCTI, GlobalTV | |
![]() | Amerika | ![]() | ![]() | Aljazair | Rabu, 23-06-2010 21:00 | RCTI, GlobalTV |
GROUP D
PERTANDINGAN | WAKTU | DISIARKAN DI | |||||
---|---|---|---|---|---|---|---|
![]() | Jerman | ![]() | ![]() | Australia | Senin, 14-06-2010 01:30 | RCTI | |
![]() | Serbia | ![]() | ![]() | Ghana | Minggu, 13-06-2010 21:00 | GlobalTV | |
![]() | Jerman | ![]() | ![]() | Serbia | Jumat, 18-06-2010 18:30 | GlobalTV | |
![]() | Ghana | ![]() | ![]() | Australia | Sabtu, 19-06-2010 21:00 | GlobalTV | |
![]() | Ghana | ![]() | ![]() | Jerman | Kamis, 24-06-2010 01:30 | RCTI, GlobalTV | |
![]() | Australia | ![]() | ![]() | Serbia | Kamis, 24-06-2010 01:30 | RCTI, GlobalTV |
GROUP E
PERTANDINGAN | WAKTU | DISIARKAN DI | |||||
---|---|---|---|---|---|---|---|
![]() | Belanda | ![]() | ![]() | Denmark | Senin, 14-06-2010 18:30 | GlobalTV | |
![]() | Jepang | ![]() | ![]() | Kamerun | Senin, 14-06-2010 21:00 | RCTI | |
![]() | Belanda | ![]() | ![]() | Jepang | Sabtu, 19-06-2010 18:30 | RCTI | |
![]() | Kamerun | ![]() | ![]() | Denmark | Minggu, 20-06-2010 01:30 | RCTI | |
![]() | Denmark | ![]() | ![]() | Jepang | Jumat, 25-06-2010 01:30 | RCTI,GlobalTV | |
![]() | Kamerun | ![]() | ![]() | Belanda | Jumat, 25-06-2010 01:30 | RCTI,GlobalTV |
GROUP F
PERTANDINGAN | WAKTU | DISIARKAN DI | |||||
---|---|---|---|---|---|---|---|
![]() | Italy | ![]() | ![]() | Paraguay | Selasa, 15-06-2010 01:30 | RCTI | |
![]() | Selandia Baru | ![]() | ![]() | Slowakia | Selasa, 15-06-2010 18:30 | GlobalTV | |
![]() | Slowakia | ![]() | ![]() | Paraguay | Minggu, 20-06-2010 18:30 | RCTI | |
![]() | Italy | ![]() | ![]() | Selandia Baru | Selasa, 15-06-2010 21:00 | GlobalTV | |
![]() | Slowakia | ![]() | ![]() | Italy | Kamis, 24-06-2010 21:00 | RCTI,GlobalTV | |
![]() | Paraguay | ![]() | ![]() | Selandia Baru | Kamis, 24-06-2010 21:00 | RCTI,GlobalTV |
GROUP G
PERTANDINGAN | WAKTU | DISIARKAN DI | |||||
---|---|---|---|---|---|---|---|
![]() | Pantai Gading | ![]() | ![]() | Portugal | Selasa, 15-06-2010 21:00 | RCTI | |
![]() | Brazil | ![]() | ![]() | Korea Utara | Rabu, 16-06-2010 01:30 | RCTI | |
![]() | Brazil | ![]() | ![]() | Pantai Gading | Senin, 21-06-2010 01:30 | RCTI | |
![]() | Portugal | ![]() | ![]() | Korea Utara | Senin, 21-06-2010 18:30 | GlobalTV | |
![]() | Portugal | ![]() | ![]() | Brazil | Jumat, 25-06-2010 21:00 | RCTI,GlobalTV | |
![]() | Korea Utara | ![]() | ![]() | Pantai Gading | Jumat, 25-06-2010 21:00 | RCTI,GlobalTV |
GROUP H
PERTANDINGAN | WAKTU | DISIARKAN DI | |||||
---|---|---|---|---|---|---|---|
![]() | Republik Honduras | ![]() | ![]() | Chili | Rabu, 16-06-2010 18:30 | RCTI | |
![]() | Spanyol | ![]() | ![]() | Swiss | Rabu, 16-06-2010 21:00 | GlobalTV | |
![]() | Chili | ![]() | ![]() | Swiss | Senin, 21-06-2010 21:00 | RCTI | |
![]() | Republik Honduras | ![]() | ![]() | Spanyol | Selasa, 22-06-2010 01:30 | RCTI | |
![]() | Swiss | ![]() | ![]() | Republik Honduras | Jumat, 25-06-2010 01:30 | RCTI,GlobalTV | |
![]() | Chili | ![]() | ![]() | Spanyol | Jumat, 25-06-2010 01:30 | RCTI,GlobalTV |
Langganan:
Postingan (Atom)